Laman

Jumat, Januari 02, 2009

Duriat Bejad


Beh Lukman, anu katelah jawara Cigorowek, harita keur “curhat” ka usung-esangna bari rada rambisak.
Beh Lukman :
“Pokona mah dewek hayang kawin ka Neneng Rostika ! Sakali Neneng Rostika, tetep Neneng Rostika !”
Badar :
“Mending ka nu sanes bae, Juragan. Apan di lembur urang teh, seueur keneh istri nu geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina. Neng Ida oge, kirang kumaha mancritna ...”
Beh Lukman :
“Meunggeus, Badar ! Dewek mah teu hayang ka awewe sejen. Dewek mah ukur hayang ka si Sayang nu kabayang unggal mangsa wanci beurang, nu kaimpi-impi nepi ka wanci janari ... Duh Neneng Rostika ...”
Badar :
“Juragan, apan Neneng Rostika mah parantos kagungan Caroge ...”
Beh Lukman :
“Na cucungah pisan siah ! Dewek mah teu paduli. Najan Neneng Rostika geus boga salaki oge. Lamun perlu, rek dikawin jeung salakina sakalian ... !”
Badar :
(Gogodeg) “Ck ... ck ... ck ...”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar